• 88.944 Antrian
  • yogi

  • Katagori

  • Arsip

  • Tulisan Pinunjul

  • Random Ayat

  • Jadual Adzan

  • Google PageRank Checker Powered by  MyPagerank.Net SEO Stats powered by MyPagerank.Net
  • free counters

  • Tepak Pa Macan

  • Métakeun

Rebo nyunda

TOSFL (Test of Sundanese as Foreign Language) 😃

Ujian basa sunda pokok bahan tipe-tipe labuh

1) Labuh keur lempang ku sabab kakait ku akar tatangkalan:

  1. titajong
  2. tikudawet
  3. tikojot
  4. tikait

2) keur lempang di imah panggung, labuh ku sabab suku asup kana liang diantara lantai kayu:

  1. tikusruk
  2. tigorobas
  3. tiporos
  4. tigurawil

3) keur leumpang bari malaweng, terus ditajong kana batu, lengit  kasaimbangan 2-3 lengkah labuh:

  1. titotolonjong
  2. tijongjolong
  3. tikunclung
  4. tigejlig

4) Tukang beas keur ngangkut beas tapi karung na teh bolong saetik nu nyabakeun aya beas nu kaluar tina karung, disebut ….

  1. ngaburusut
  2. ngaborolo
  3. merelek
  4. ngecla

5) Keur mentas walungan make hambatan dina awi, ditengah-tengah sabab ku leeur terus labuh :

  1. tikosewad
  2. tiseureuleu
  3. tisoledat
  4. tigorobas

 

6) Budak letik keur ulin dibalong, labuh ka balong kusabab rewas digonggong anjing disebut:

  1. tigejebur
  2. tigujubar
  3. tikunclung
  4. tilelep

7) labuh keur teterekelan dinu tangkal, tapi masih sempet ngarawel dahan, disebut:

  1. tigurawil
  2. titeundeut
  3. tijurahroh
  4. tibuburanjat

8) Di saku aya keleci. Tapi sakuna teh bolong, kalecina kaluar hiji-hiji nepi kabeak,  disebut:

  1. ngaburusut
  2. ngaborolo
  3. muruluk
  4. murag

9) keur lempang di galeungan sawah, terus labuh ka sawah kusabab didorong ku babaturan, disebut:

  1. tikucuprak
  2. tikoceprak
  3. tigebrus
  4. tikusruk
  5. Mun anjeun pusing  ngajawabna, disebut:
  6. lieur
  7. rieut
  8. jangar
  9. nyeri sirah

Mangga dijawab. Anu leres 90% orang Sunda tulen. 70-80% masih diaku orang sunda, 50-60% cenah orang Sunda, 30-40% orang Sunda kw, diluar eta orang Sunda gadungan.

Bandung, oh Bandung…

bandung

Baheula Bandung dipikawanoh ku ngaran Kota Kembang jeung sajarahna Bandung Lautan Api. Tapi kumaha kaayaan kiwari ?  Bandung kakoncara ku sebutan lautan factory outlet (FO) jeung kota kuliner. Tiap ahir minggu, ratusan rebu kendaraan/tutumpakan  ngajugjug Kota(dayeuh) Bandung ngan sauukur keur ngasaan kuliner/rupa-rupa kadaharan dibarengan ku hawa nu karasana matak tiris kana awak. Balikna, maranehna mawa hasil balanjaan ti FO nu ngajajar di sabudereun peuseur dayeuh.

Hadirna para pelancong/turis ti domestik atawa ti luar nagri eta nambah heurin Bandung. Tangtu kaayaan jadi  macet unggal waktu. Teu ngan sauukur ahir minggu ampir unggal poe. Macet kiwari jadi kadaharan sapopoe, warga nu ancik di Bandung oge jadi rudet komo deui ditambah ku banjir nu datang dina usum na. Hujan ngan sababaraha jam wae, jalan-jalan di Bandung kakeueum.  Malahan, banjir oge jadi langganan di wewengkon dataran luhur  di Bandung bagian kaler(utara).

Kiwari Bandung lain jadi kota kembang atawa lautan api. Bandung jadi kota banjir. Korbanna  nepi ka puluhan rebu. Data ahir nu ditulis ku sababaraha bewara nyatet korban banjir utamana di Bandung selatan(kidul) geus nepi ka leuwih kana 40.000 kulawarga. Angka ieu terus nambah kulantaran usum hujan tacan rengse. Malahan aya wilayah nu unggal taun ngalaman kabanjiran. Taya solusi nu pasti keur  warga salian saran kudu direlokasi.

Kukituna kumaha carana nungkulan pasualan banjir ?, taya lian hayu sakabeh warga masarakat Jawa Barat hususna warga kota bandung urang ngabebenah lingkungannana kudu ‘’beberes’’ jeung ‘’beberesih’’ supaya teu jadi beban keur anak incu.

Kulantaran sakabeh ‘’bencana’’ ieu mangrupakeun akibat tina ‘’pengambil kebijakan sarta keptusan’’, nu mangrupakeun konci nu utama. Bandung baris ancur lamun dipimpin  ku pamimpin pulitik. Bandung kudu dipimpin ku pamimpin nu ngabogaan imajinasi ngawangun Bandung tanpa ngaleungitkeun kaarifan lokal. Pamimpin ieu engkena  baris nyadarkeun kaum intelektual keur babarengan  ngawangun Bandung. ‘’ Geus waktuna eureun nyalahkeun paripolah masarakat leutik minangka cukang lantaran banjir’’. enya kituu…!

”Leuweung Ruksak, Cai Beak, Manusa Balangsak…”

hutan dan air

Lalamunan

Kungsi kuring boga kahayang, ngalamun “hayang jadi Gupernur”. Utamana Gupernur  di tatar Sunda, di Banten atawa Jawa Barat. Tangtu ieu lalamunan teh pamohalan kahontal, ceuk babasan tea mah “ngajul bentang ku asiwung,” Mun dina basa Indonesia mah “Jauh api dari panggang.” Hartina, kahayang nu moal kadongkang alias kahayang nu moal kasorang.

Timbul tanda Tanya, “Ku naon atuh boga kahayang teh teu nalipak maneh sorangan?” Dina sawangan kuring aya hiji budaya Sunda atawa kultur nu maras-miris sieun leungit, hariwang sieun tinggal kalangkang. Sok bae mangga barandungan ku dulu-dulur anu mireueus kana basa Sunda!.

Nu matak kuring hayang jadi Gupernur teh, hayang ngamumule, mulasara basa Sunda sina lugina ayana. Hayang ngajak ka balarea hususna warga nu aya di tatar Sunda, salian basa nasional.
Tah kitu lalamunan sim kuring mah, hayang jadi Gupernur teh, hayang nyundakeun urang Sunda bisi kamalinaan mopohokeun warisan karuhun. Mangga geura ayeuna barandungan nu nyarios, teu sepuh teu anom jiga nu lingsem pami nyarios ku Basa Sunda teh. Aya sakalieun nyarios pabeulit undak-usukna ge. Upami teu ti ayeuna keneh dibebenah, diwanohkeun ieu bakal langkung reksak malihan leungit sama sakali.

Di lingkungan masarakat, sakola, para pendidik oge masih seueur keneh nu teu acan wanoh, kumaha ka muridna.? Malihan di UPI (IKIP) pami teu lepat aya keneh jurusan Basa Sunda, namung di daerah kurang minat nyandak jurusan Basa Sunda.
Ku kituna, hayu atuh urang mumule, urang riksa, urang jaga, Budaya Sunda hususna Basa Sunda, muga Ki Sunda teu katalangsara!.

Emh…Deudeuh teuing Ki Sunda. Muga anjeun tong tega, kabawa ku sakaba-kaba. Kula tetep rek mirosea satekah polah moal rek bahla. Tapi…..tapi? Na ngalaman atawa moal anak incu kaula, tetesan putra Sunda???

Cag…ah..!