• 88.939 Antrian
  • yogi

  • Katagori

  • Arsip

  • Tulisan Pinunjul

  • Random Ayat

  • Jadual Adzan

  • Google PageRank Checker Powered by  MyPagerank.Net SEO Stats powered by MyPagerank.Net
  • free counters

  • Tepak Pa Macan

  • Métakeun

Ha..Ha..


Terjun Bebas

Omod : “Wanian nya euy nu terjun bebas teu make parasit.”

Emed : “Tina kapal udara.?”

Omod : “Ih, lain. Ieu mah tina golodog kana buruan.”

Emed : “Teu gering mah silaing teh?”

Undang Suherlan – Cikeruh-Sumedang
 
 

Teu Ningali

Mojang Geulis tumpak kareta api. Kabeneran meunang diukna pahareup-hareup jeung nu make kaca panon  hideung tur nyenyekel iteuk.

Di perjalanan, Nyi Mojang diukna teu daek cicing. Gawena ngan memener erokna anu pungsat.

Ceuk lalaki anu make kaca panon hideung nu diukna hareupeun teh. “Teu kedah hariwang Nyi, da Mamang mah teu ningali ieuh,” cenah. Nyi mojang ngahuleng…!

 
Bambang S. Tito – Wadas-Karawang
 
 
  
  

Siga Artis

 

Pamajikan : “Talak wae kuring teh, Kang, ari geus teu suka mah!”

Salaki : “Tah, maneh mah ari geus nurutan artis teh!”

 
Ena Rs. – Sidamulya, Bj.gedang,Rch
 
  
  

Nimbulkeun Panas

 

Guru : “Mid, salian ti seuneu, naon deui nu bisa nimbulkeun panas?”

Emid : “Kabogoh, Pa.”

Guru : “Kabogoh ?”

Emid : “Muhun, Geuningan upami kabogoh abdi reureujeungan jeung batur, sok panas kana hate.”    

Guru : “Ah, maneh mah.”

 
Entin Kuraesin – Kircon-Bandung
 
 

Nya Heueuh

 

Nu diramal : “Cing, kumaha garis hirup abdi ka hareupna, Bah.”

Tukang ramal : “Cikan Abah ningali garis leungeun ujang!, Jadi ka hiji Ujang teh bakal kolot, ka duana Ujang teh bakal maot!”

 
Entin Kuraesin – Kircon-Bandung 
 
 
 

Menta Ditaekeun Gajih. 

“Bapa kedah enggal-enggal naekeun gajih abdi,” ceuk Umar ka dunungannana.

“Ayeuna teh tos aya tilu pausahaan nu ngantos-ngantos abdi.”

“Nu bener, pausahaan naon sih. ? ceuk dunungan kaget.

“Pausahaan Listrik, Telepon sareng PDAM.” ceuk Umar kalem…

Yusuf Hermawan.
 

EMBUNG.

Bangsat hayam kacerek ku hansip.

Hansip: “Hayu cuang ka kantor pulisi..!”

Bangsat hayam: “Embung. Sina ka dieu we kantor pulisina.”

Ena Rs.
 

SPBU.

Si Aki jeung incuna anu kakara asup ka kelas hiji SD di bonceng kana motor ka POM Bensin.

di POM Bensin, Incuna nanya ka aki na.

Si Incu: “Ki, ari SPBU teh naon hartina?.”

Si Aki: “SPBU teh singketan jang.!”

Si Incu: “Singketan nana naon ki.”

Si Aki: “S na = SOLAR, P na = Petramax/Premium, B na = Bensin.”

Si Incu: ” Ari U na naon ki.?”

Si Aki: “U na = Ulah Udud bisi kahuruan.!” bari mesem..

Si Incu: ” oh…bari rada kerung..”

IS/IR
  
  
  
  
 

POLISI

Kuring : “ Bade tumaros ka Pa Komandan.”

Komandan : “Siap!”

Kuring : “Dupi polisi tidur lebet kana kesatuan mana?”

Komandan : “Siap.! Kateuing atuh, nya.”

Harry Wh. Hariri – Bandung
 
 

HAYAM JAGO

“Sok diperhatikeun lamun hayam jago kongkorongok ?

Tah naon sababna lamun hayam jago kongkorongok matana sok peureum ?

“Eta mah bakat ku menghayati”

“Salah, nu pasti hayam jago kongkorongok bari peureum, sabab manehna

Geus apal teksna. Jadi sanajan bari peureum oge teu hariwang salah.”

Suyud Munawarih – Cineam Tasikmalaya
 

PALECEHAN SEKSUAL

Mimin : “Lapor, Pa Pulisi. Si Kusmin tos ngalakukeun Palecehan seksual ka diri abdi.”

Pulisi : “Na ngalakukeun kumaha ?”

Mimin : “Lancingan jero nu abdi tos dipaok ku manehna, mangkaning teu acan diseuseuh tos saminggu.!”

Irvan Gemilang – Bandung
  
 

 JAMPE

 

Incuna : “Aduu..h, Nini nyelengit beuteung!”

Ninina : “”Cing ku Nini urang jampe, “Duk..duk dalikduk, kejo buruk jadi hitut. Dihakan dibeuweung, hitut jajadina       ari blos…blos ka kolong. Tah, geura cageur ayeuna mah!”

Tapi teu pati lila  Si Nini nu nyeri beuteung.

Si Nini : “Aduu..h, ieu peujit mani asa murilit kieu, cing Sujang pang jampekeun!”

Atuh kapaksa incuna bari teu apal  oge ngajampe, Si Nini; “Duk…duk tigeduk, kejo buruk jadi tutut. Dihakan dibeuweung,  hitut jajadina ari blos…blos ka balong!”

Si Nini ngadenge kitu mani ngehkey, nepi ka nyeri beuteungna cageur.

Fitri Wulansari – Bandung
 
 

SALIWANG

Ki Salhiam teh jalmana saliwang, hiji waktu ditanya ku Si Sadun.

Si Sadun : “Rek kamana Ki.”

Ki Salhiam : “Heueuh puguh tiris matak dewek disasarung oge.”

Si Sadun : “Lain.. kuring mah nanya, Aki rek ka mana?’

Ki Salhiam : ” Sugan silaing mah torek, ..ceuk dewek oge tiriiis,tirii…s!”

Si Sadun ngaleos bari nahan piseurieun.

Entin Kuraesin – Kircon-Bandung
 
 

GEUS KOLOT

Abah : “Nini, ari ieu teh hujan?”

Nini : “Enya Abah, pan sakieu ngagebretna”

Abah : “Tapi naha nya ari Abah teu kahujanan?”

Nini : “Har, rek kahujanan kumaha pan Abahna oge aya di enggon.!”

Abah : “Aeh…heueuh nya!”

Fitri Wulansari – Bandung
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 

Tunda talatah