Aya sababaraha kécap anu jadi mitos pamali atawa larangan di urang sunda dimana lamun di lakukeun bakal aya madaratna.
Kieu basa sundana:
- Ulah cicing di lawang panto bisi jodona teu jadi alias balik deui ka imahna/nongtot jodo
- Ulah sasapu ti peuting bisi nyapukeun rejeki
- Ulah sare isuk-isuk/tos subuh bisi rejeki leungit
- Ulah sare tos asar bisi gelo
- Ulah dadapangan waktu magrib bisi ngora keneh ditinggalkeun maot ku Indung
- Tukang warung ulah ngajual uyah jeung jarum pasosore /peuting bisi teu payu
- Ulah ngadahar ceker hayam bisi tulisanna butut
- Ulah kuliat tos dahar bisi males
- Ulah ngecos/kakaput ti peuting bisi ka tojos
- Ulah Ulin pasosore/sareupna bisa di bawa ku kelong wewe
- Ulah heheotan ti peuting di jero imah, pamali bisi disampeurkeun jurig
- Budak leutik ulah loba teuing ngadahar daging hayam bisi bapa beakeun….
Aya keneh ?
Filed under: Mitos |
Tunda talatah