• 88.939 Antrian
  • yogi

  • Katagori

  • Arsip

  • Tulisan Pinunjul

  • Random Ayat

  • Jadual Adzan

  • Google PageRank Checker Powered by  MyPagerank.Net SEO Stats powered by MyPagerank.Net
  • free counters

  • Tepak Pa Macan

  • Métakeun

Mieling Basa Indung


Dinten Senen,  21 Pebruari 2011 urang sarerea mieling basa indung sadunya. Basa indung urang Sunda the nyaeta basa sunda. Urang salaku urang Sunda wajib miara jeung ngamumule basa Sunda, hususna di lingkungan kulawarga jeung umumna di lingkungan bumi tatar pasundan.

Numutkeun hasil ahli panalitian basa di dunya, aya kurang leuwih 6.000 basa. Dina ahir abad ieu nu bakal nyesa kira-kira satengahna. Artina, tilu puluh basa bakal parna dina sataunna, kaasup basa Sunda sabab teu saeutik urang Sunda henteu madulikeun nyarios basa Sunda (Majalah “Cupumanik” No. 11 dicutat ku Kang Ajip Rosidi).

Basa Sunda teh mangrupikeun basa indung urang Sunda, rek kusaha deui ngamumule basa Sunda teh salian ku urang Sunda. Urang ulah era nyarios basa Sunda. Ayeuna loba pisan kulawarga Sunda turunan-turunan urang geus teu ngawariskeun basa jeung budaya Sunda ka anak jeung incu-incuna! Mun ku urang dilenyepan, barudak ayeuna teu tiasa nyarios basa Sunda  ulah nyalahkeun budak. Urang kudu ngoreksi diri geus nepi di mana urang teh ngamumule basa indung (Sunda?).

Saleresna, sanes teu kenging ngagunakeun basa deungeun (basa asing), tapi urang teh hirup hususna di bumi tatar pasundan jeung umumna hirup di bumu Nagara Kasatuan Republik Indonesia. Contona teu saeutik tulisan-tulisan boh dina media cetak atawa media elektronik jeung sajabana nu make basa deungeun. Tapi saestuna ku kamajuan jaman nu gancang robah ieu, urang teh ulah tinggaleun kudu bisa ngagunakeun (ngucap jeung nulis) basa deungeun nagara lain. Malahan urang kudu leuwih wijak yen ulah ngapilainkeun basa jeung budaya Sunda jeung ulah ngagulkeun basa deungeun tapi kudu saimbang jeung basa indung (hususna basa Sunda umumna basa Indonesia).

Alhamdulillah salah sahiji pamarentah, nyaeta Kabupaten Bandung nu ibukotana di wewengkon Soreang, yen Bupati waktu harita, Kang H. Obar Sobarna ngawajibkeun ka tiap instansi/dinas jeung sakola-sakolana ngagunakeun make basa Sunda dina poe Juma’ah (“Pikiran Rakyat”, 24 April 2010). Mudah-mudahan diteraskeun ku Bupati Bandung periode nu ayeuna, Kang H. Dadang M. Naser jeung mudah-mudahan ieu teh tiasa dijadikeun conto ku pamarentah daerah lianna nu aya di lingkungan tatar pasundan. Amien…

Mungkas carita yen urang dina mieling basa indung sadunya taun 2011 ulah ngan saukur slogan tapi urang sarerea disadarkeun sina hudang. Buktikeun yen pentingna ngamumule basa Sunda jeung budayana, margi rek kusaha deui mun henteu ku urang!

Hatur ucap simkuring neda sihapunten samudaya kalepatan saupami dina seratan ieu ngaraheutkeun manah saderek sadayana.

Ruswaya, S. Hut.
Jln. Raya Tanjungsari KM. 22 Tanjungsari, Sumedang Telp. 0852 334 30
Dicutat tina rohangan Surat Pembaca Pikiran Rakyat, Senin (kliwon) 21 Februari 2011.
Aos oge di http://mjbandung.wordpress.com/2011/02/23/wajib-berbahasa-sunda-tak-diikuti-sanksi/

Tunda talatah