• 88.939 Antrian
  • yogi

  • Katagori

  • Arsip

  • Tulisan Pinunjul

  • Random Ayat

  • Jadual Adzan

  • Google PageRank Checker Powered by  MyPagerank.Net SEO Stats powered by MyPagerank.Net
  • free counters

  • Tepak Pa Macan

  • Métakeun

Maling Waktu Gawe


Ieu kisah nyata nu anyar kaliwat. (masih bulan Oktober 2009) nu kaalaman ku sim kuring jeung babaturan sakantor, kieu dongengna teh, dina hiji waktu babaturan sakantor ngajak kuring nonton bioskop (sebut bioskop B we lah) ari nonton teh dina waktu gawe mangkaning make seragam PNS nu warna kaki pokona mah baju pagawe nagri apal meureun. Saacan indit teh babaturan kuring ngomong kieu: moal aya satpol PP kitu pan karek jam 1 beurang ?. Biasana mah satpol PPteh sok ngulampreng dipusat sabangsaning mall mall, geus puguh ari di pasar baru mah.

Dina TV ge sok aya we nu kaperego pagawe nagri nu sok mabal alias maling balanja di jam kerja. Ari kuring ngajawabna (rada humar-hemir) hayulah ari nonton hayang, tapi sieun kaperego!. Caritana nepi we kanu dituju, bari rada luak lieuk da sieun kapanggih ku patugas satpol PP tea. Pasa rek asup pisan ka gedung bioskop, kuring jeung babaturan silih pelong (bari rada kerung heug siah, pasti ieu satpol PP nu dipikasieun tea teh) bari jeung reuwas lantaran nempo patugas satpol PP nu keur melong kuring duaan! Kuring jeung babaturan ge melong ka patugas, wah pasrah we lah da memang urang nu salah, ceuk kuring ngomong ka babaturan, (bari ngaharewos) tapi pas ditempo ti kadeukeutan… sing horeng teh patugas penjaga karcis (bajuna teh sarua pisan warnana jeung satpol PP!!) padahal manehna mah patugas nu sok negor bisi aya nu nyele manehna nu negorna.

Eta mah antara hayang seuri jeung era ngahiji atuh… kuring jeung babturan sakantor teh mesem bari jeung gegelenengan, (bari dituluykeun meuli karcisna mah, pan lain satpol PP asli he..he..) atuh di jero bioskop teh ting cikikik inget kana kajadian nu karandapan bieu. Tah kieu ari maling waktu dina jam gawe teh! (teu bebas pokona mah) kade ah! Ka para PNS tong sok maling waktu dina waktu jam gawe. Masih untung kuring jeung babaturan kaperegona ku patugas karcis, kumaha mun kaperego ku patugas satpol PP beneran wah…cilaka 13 ihhh meunang ka wirang! tapi mun gaji ka 13 mah aya meunang ka girang lah alias atoh…

Neng Tet. Bandung    

Tunda talatah