• 72,011 Antrian
  • yogi

  • Katagori

  • Arsip

  • Tulisan Pinunjul

  • Random Ayat

  • Jadual Adzan

  • Google PageRank Checker Powered by  MyPagerank.Net SEO Stats powered by MyPagerank.Net
  • free counters

  • Tepak Pa Macan

  • Métakeun

Hayang Disuntik


Hareupeun imah aya dokter umum nu anyar muka praktek, dr. Hesti Khoerunnisa. Sok sanajan praktekna kaitung anyar, loba pisan nu ngadon tatamba téh. Salirana someah darehdeh, ngaladenan teu ngabeda-beda jalma, obatna nu manjur jeung pangpangna mah biaya dipariksa teu mahal, malah kalan-kalan keur nu teu mampuh mah sok diharatiskeun.

Nyaho sotéh kuring mah ceuk béja, da can pernah dipariksa. Bararaid teuing sing dijauhkeun tina panyakit, kaditu ka sabrang ka palembang. Kuring sorangan can nyaho ari rupana mah dr. Hesti téh kumaha, sanajan imahna paeunteung-eunteung tapi da can kungsi ningali. Sapopoéna dinesna di Rumah Sakit Kabupatén, soréna muka praktek nepi ka peuting.

Geulis jeung masih lalagasan deuih cenah. Kuring jadi rada panasaran barang ngadenge beja aya dokter ngora geulis jeung masih lalagasan mah. Lantaran hayang ningali dokter nu cenah geulis, isuk-isuk téh tos solat subuh tara sare deui, tuluy maca koran dihareupeun imah bari teuteupan mah teu weleh manco ka imah dipeuntaseun.

Ret ka peuntas aya awéwé ngora kaluar, teg waé pasti éta nu disebut dr. Hesti téh, bener waé sapantaran. Ngan leuwih tegep, perbawa profesi dokter sigana téh. Teu lila manéhna asup kana mobil. Tayohna mah rék indit tugas ka rumah sakit.

Ti harita mah sok mindeng ngamodus maca koran mun isuk-isuk téh, osok oge api-api moyan ti lantai dua, nyerangkeun nu geulis indit gawe. dr. Hestina mah sigana téh teu nyahoeun yen unggal isuk aya nu nyerangkeun.

Hiji poé adi kuring nu bungsu nu kakarék SMP harééng. Basa ku indung rék dipariksa ka dokter téh kuring rikat nawarkeun sorangan, rék dibawa ka dr. Hesti cekéng téh..

Barang kuring tepung, adi téh tuluy dipariksa tensi, geus kitu dikedengkeun dipariksa dada jeung beuteungna. Rada kabita beurang ningali adi dicagapan dadana ku alat kedokteran téh, duh mun kuring dicagapan ku dokter geulis kieu mah hayang terus.

Beres nganteur adi kuring jadi loba ngalamun. Enya ngalamun hayang tepung deui jeung dr. Helmi, tapi kumaha carana? Kudu nganteur adi deui, apan enggeus cageur ayeuna mah. Sanggeus ngahuleng lila mah kakarék boga akal. Kuring rék api-api gegeringan waé. Tapi kalah ngahuleng deui lila, gegeringan naon? Apan gering mah teu bisa dipaksakeun.

Sanggeus sababaraha lila, nyéh kuring seuri. Rék begadang waé maén Playstation nepi ka subuh, tuluy isukna tong dahar. Biasana lamun peutingna tos begadang jeung beurangna teu dahar mah sok asup angin jeung awak rada paranas.

Teu lila nungguan téh, kuring da pangheulana nu dipariksa.

“Mangga calik,” pokna bari dibarengan imut.

Jajantung asa ratug, duh imutna meuni kareueut. Lain geulis gunung dr. Helmi mah, tapi geulis nu sageulis-geulisna. Ti kajauhan témbong manis, ti kadeukeutan kareueut. Mun geus jadi pamajikan mah hayang ngarontok da.

“Naon nu karaos?” pokna halimpu bari neuteup anteb.

“Ieu dok,” cekeng téh bari tuluy ngabohong api-api babatukan, ngarah dramatis disangka enyaan gering. “Awak paranas tiris sareng rada lieur, batuk ogé sakedik.”

“Kadieu pananganana, suwiterna cobi laan. Urang parios tensina,” pokna bari mawa alat, jung nangtung nyampeurkeun kuring. Teg jajantung ratug. “Emh … darah mah normal, saé.” Dokter téh rada kerung. “Cobi ngedeng,”.

Kuring hideng sorangan nyingkabkeun kaos, ngahaja ngarah témbong dada atletis kuring nu meunang ngabentuk di GYM.

“Wios téh kedah dibukakeun,” ceuk dr. Helmi bari nutupkeun kaos, rey beungeut kuring beureum da hideng sorangan hayang dibukakeun. Padahal maksud téh ngarah mariksa dada jeung beuteungna langsung keuna kana kulit.

Tuluy dada jeung beuteung kuring dicagapan ku stetoskop, padahal mah kahayang teh hayang langsung dicagapanana ku leungeun wae. Beuteung kénca ditepakan kitu ogé beuteung katuhu, bari nanya nyeri jeung henteuna. Awak ngadadak tingsariak, jajantung beuki ratug. Geus bérés asa teu karasa, kuring hudang, tuluy diuk deui dina korsi.

“Lebet angin biasa katawisna mah, kedah seueur istirahat sareng tuang.”

Kuring unggeuk, bari panon mah terus manco ka nu geulis.

“Ieu aya resep nu kedah dipésér, vitamin sareng suplemen.”

“Kedah nuang obat, hoyong disuntik waé Dok,” cekeng téh nawar. Pédah adi mah kamari cenah disuntik bujurna, jeung teu sakara-kara ari geus disuntik mah langsung cenghar.

“Teu tiasa sembarangan atuh disuntik mah,” cenah bari angger imut.

Kuring asa handeueul, padahal mah baé disuntik ogé ku dokter sageulis dr. Helmi mah. Keur leutik mah malah nepi ka ayeuna ogé pangsieun-sieunna disuntik téh, ari ayeuna sanggeus ningali dr. Helmi mah bet hayang disuntik waé bawaanana téh, teu gering teu nanaon ogé.

Sanggeus bérés dipariksa jeung babayar, kuring tuluy mulang. Obat mah teu ditebus, da teu gering nanaon apan. Langsung disarékeun waé ogé cénghar deui. Saméméh saré téh bet tuluy mikiran, engké saminggu deui api-api gering naon nya? Geus kitu mah reup waé peureum.***

Kénging Taufan Ramadan

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

%d bloggers like this: