• 72,075 Antrian
  • yogi

  • Katagori

  • Arsip

  • Tulisan Pinunjul

  • Random Ayat

  • Jadual Adzan

  • Google PageRank Checker Powered by  MyPagerank.Net SEO Stats powered by MyPagerank.Net
  • free counters

  • Tepak Pa Macan

  • Métakeun

Basa GAUL


Béak PROKEM, Mucunghul ALAY…!

…Mas Donny yang cucok, terus terang nih, akikah jatuh cintrong sama yei. Kalau yei tintra membalas cinta akika, kika mawar bunuh diri di bawah pohon terate deh rasanya. Jadi, yei jangan tolak cinta kika, karena setiap malam mimpi akika Cuma berisi yei punya body.

Rasanya akika tintra endang bisa hidup tanpa yei, akika jadi tintra endang makasar, tintra bisa tidur nyenyak, tintra bisa melakukan apa-apa. Wajah Mas Donny selalu terbayang-bayang di mata ike, ke mana pun ike pergi. Sueer..!

Basa gaul teu obahna kawas ngulinkeun kecap-kecap, anu melesetkeun kecap-kecap nu tangtu kana kecap séjén. Contona kecap Aku/kuring digantian akika, Mau/daék jadi mawar, tidak/henteu jadi tintra, enak/ngeunah jadi endang, makan/dahar dipelesetkeun jadi makasar.

Basa gaul sarupaning éta mimitian populér dina dékadeu 1990-an. Komo dina 1999, komedian Debby Sahertian junun ngumpulkeun kosakata basa gaul dina Kamus Basa Gaul. Kiwari, buku éta geus medal tilu jilid. Cacak rumaja umur welasan ayeuna henteu loba deui anu ngagunakeun basa gaul, minangka na Fifi Alone dina carita Lupus, basa gaul éta geus suksés jadi tanda jaman dina waktu harita. Pikeun rumaja dékadeu 1980-an nepi ka mimiti 2000 , sugan masih inget dedegan Lupus. Lalaki rumaja anu mikaresep dahar permen karét, diciptakeun ku nu nulis Hilman Hariwijaya. Manéhna suksés motret kawula ngora dina jamanana, ngaliwatan carita-carita pikaseurieun dina novel Lupus.

komo kosakata nu masih waranoh nepi ka kiwari, “ember” (emang) sarta “sutra (sudah/geus) jadi warisan basa gaul anu masih diamalkeun. Saméméh basa gaul populér, rumaja dina jaman 1980-an nepi ka mimiti 1990-an ogé miboga basa pergaulan. Istilah bokap sarta nyokap (bapa sarta ibu) mangrupa warisan basa prokem sebutan basa gaul basa éta anu nepi ka kiwari tetep dipaké ku rumaja.

Ceunah, basa prokem nyaéta basa sandi anu medar di golongan preman, sangkan aktipitasna henteu kanyahoan ku pihak séjén, utamana pulisi. Sandi-sandi éta henteu dijieun sambarangan. Sageus hurup kahiji dieusi “ok” tuluy biasana hurup atawa suku kecap pamungkas kecap éta dileungitkeun, Istilah prokem ogé dipibanda ti rumus éta. Asal kecapna preman, pr + ok + em (an dileungitkeun). Kitu ogé dina bokap (bapa), nyokap (nyak, ibu dina basa Batawi), Bokep (BF/blue film, ep asalna ti konsonan “f” anu dibaca “p”). Di Yogyakarta, urang mikawanoh plesetan basa tina kecap anu pohara populér, “dagadu” (matamu/panon anjeun) anu ngagunakeun susunan hurup Jawa hanacaraka minangka rumusanna. Kitu ogé di Malang, Jawa Wétan anu rumusna mangrupa kabalikan ti kecap sabenerna, contona wedok (wanita/wanoja) jadi kode (w na dileungitkeun), sarta loba deui.

Teuing saha anu nyiptakeunana, tapi basa prokem geus jadi tanda pikeun rumaja dina jaman éta. Sajalan jeung waktu, basa prokem mimiti tikerelep, sawaréh bermatomorfosa (naon basa sunda na matomorfosa ?) nepi ka mecenghul basa gaul séjén, anu dipaké barudak rumaja mangsa kiwari.

Panulis : (Catur Ratna Wulandari/”PR”)*** 
 nu dialih basakeun ku kurawa06 bari tag-teg-tog, hampura…

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s

%d bloggers like this: