• 88.939 Antrian
  • yogi

  • Katagori

  • Arsip

  • Tulisan Pinunjul

  • Random Ayat

  • Jadual Adzan

  • Google PageRank Checker Powered by  MyPagerank.Net SEO Stats powered by MyPagerank.Net
  • free counters

  • Tepak Pa Macan

  • Métakeun

Pilpres


PILPRES (Pemilihan Presiden)

Masih inget dina pikiran urang sararea, salah sahiji capres ngajak ka capres anu sejenna dina ngalaksanakeun pilpres anu bade dilaksanakeun tanggal 8 Juli 2009 kudu dilaksanakeun sacara jujur fair (fair play) ceuk basa deungeun , jeung sehat.

Kajadian silih kiritik jeung silih sindir sampir eta pasualan anu biasa di kompetisi mah, sabab salain visi jeung misi, mintonkeun kaleuwihan, kalemahan jeung kakurangan masing-masing capres mangrupakeun hiji modal nu bakal dipeunteun  calon pamilih dina nangtukeun pilihannana.     

Sapanjang kalemahan jeung kakurangan eta mangrupa kanyataan, lain fitnah jeung lain pasualan pribadi, gumantung tina epektipitasna kampanye masing-masing pasangan capres-cawapres.

Pokona mah kuring pribadi moal loba catur bari jeung ngawur, tgl 8 Juli 2009 poe nu bakal nangtukeun nasib bangsa Indonesia ka hareup.

Hayu urang nyontreng, sasuai jeung hate nurani dina hak pilih sewang-sewangan, mudah-mudahan presiden sarta wakil na anu kapilih bisa mawa rahayat Indonesia ka hareup leuwih hade tur wijaksana…..amin.

Tunda talatah