Ulah ambek-ambekan dina blog. Internet sabenerna hiji rohang anu sarua jeung kahirupan nyata, internet minangka sarana komunikasi ngan béda dina sipat waktu waé. Lamun dina kahirupan sabenerna, jelema merlukeun waktu pikeun ngobrol atawa nyarita, dina internet waktu éta bisa dipersingkét. Sabab éta, soal-soal étika sarta panghormatan dina hak batur tangtu waé lumaku sarua. Sajatina, nu nulis di blog, website, milis sarta média komunikasi séjén di internet ngabogaan hak anu sarua pikeun ngaekpresikeun sakaligus tanggung jawab ka ekspresina. Tuduhan panghinaan bisa lumangsung ka saha waé. Alatan éta, para blogger di Indonésia kudu bisa ngendalikeun basa anu di ungkapkeun di internet.
“Kawas dina kahirupan sapopoé, dunya internet ogé aya étika universal pikeun nyingkahan tuduhan kawas éta,” Dina hiji sawala, blogger sapuk pikeun henteu mitembeyan tulisan waktu dina kaayaan ambek, sarta henteu narajang individu. “Lamun nulis waktu kaayaan ambek tangtu urang baris ucul kontrol,” Lamun aranjeun keur kaluman ka hiji kajadian sarta hayang namplokkeun rarasaan anjeun, tunda heula nepi ka rarasaan anjeun tenang. Enya atuh, tinimbang kudu urusan jeung hukum, euweuh salahna gerem saeutik. Menjarakeun jelema alatan pamadegan tangtu lain ciri nagara demokratis. Contona kajadian Prita Mulyasari tea, mangrupa ujian pikeun démokrasi Indonésia. Kumargi kitu ka para blogger pikeun leuwih ati-ati. Ayeuna aturan éta memang ngagampangkeun jelema dipenjara alatan boga pamadegan.***
Filed under: Sarwa aya |
Tunda talatah