• 88.939 Antrian
  • yogi

  • Katagori

  • Arsip

  • Tulisan Pinunjul

  • Random Ayat

  • Jadual Adzan

  • Google PageRank Checker Powered by  MyPagerank.Net SEO Stats powered by MyPagerank.Net
  • free counters

  • Tepak Pa Macan

  • Métakeun

Ngadu B a k o


meteor

Akhir bulan ini, sebuah asteroid super raksasa mengarah ke bumi
Reporter : Dwi Andi SusantoSabtu,

Akhir-bulan-ini-sebuah-asteroid-super-raksasa-mengarah-ke-bumi
Di bulan Mei ini, setelah gerhana matahari cincin api ‘berpose’ untuk hibur manusia di bumi, sebuah ancaman besar sedang menuju ke planet ini di akhir bulan.
Menurut para ahli astronomi, di tanggal 31 Mei nanti, akan ada sebuah asteroid dalam ukuran yang amat sangat besar akan melesat menuju bumi. Asteroid yang diperkirakan memiliki ukuran seluas 1,7 mil atau setara dengan panjang jembatan Golden Gate, AMerika Serikat, sedang bergerak perlahan ke arah planet ini.
Namun, seperti yang dituliskan TheVerge (16/05), pihak NASA mengatakan bahwa manusia di bumi tidak perlu khawatir akan hal ini karena asteroid raksasa itu hanya akan melintasi bumi dan tidak berbahaya.

NASA.
Diprediksikan, ketika asteroid tersebut melintas, jaraknya dengan bumi sekitar 3,6 juta mil atau sekitar 15 kali jarak antara bumi dan bulan.
Sebenarnya, NASA telah mengetahui pergerakan asteroid yang bernama 1998 QE2 ini sejak beberapa tahun lalu. Oleh karenanya, mereka akan terus mengawasi pergerakannya.
Walaupun sangat besar, namun menurut NASA, asteroid ini tidak dapat dilihat dengan menggunakan mata telanjang atau juga dengan menggunakan teleskop biasa. 1998 QE2 ini adalah asteroid langka yang akan kembali melintasi bumi sekitar 200 tahun lagi.

Endog Lini

Posted: 07 Sep 2009 09:52 AM PDT

Cek beja, majar lini teh sok ngendog. Duka kumaha mimitina pangna nepi ka aya dongeng saperti kitu. Can pangangguran maluruh, saha mimitina nu boga inisiatif. Nu jelas, nepi ka kiwari can kungsi aya jelema nu kawenehan manggihan endog lini.
Keur budak mah sok jadi pikiran. Enya kitu endog lini teh aya? Mun aya, di mana ngendogna? Kaciptana teh endogna gede, sagede bal baliter kitu lah, wareg we mun dikulub teh.
Beuki gede, konsep endog lini beuki laas dina pikiran, sabab teu cocog jeung rasionalitas. Pan lini mah lain mahluk hirup, jadi moal mungkin bisa ngendog. Nu angger ti baheula nepi ka ayeuna, mun aya lini sok gegebegan, sieun. Taun 1978 (mun teu salah), lembur kuring dioyagkeun ku lini anu lumayan gede. Loba wangunan anu rugrug, bencar, atawa ruksak. Alhamdulillah, imah kuring teu regrog-regrog, ma’lum imah panggung nu cenah mah leuwih tahan gempa.
Taun 1982 (enya kitu?) Gunung Galunggung bitu. Mindeng karasa oyagna lini, bubuhan lembur kuring teh kaasup deukeut ti Galunggung. Lian ti lini, lebuna oge kabagean, nyaeur di buruan imah jeung dina hateup. Kungsi pabeubeurang lebu Galunggung nutupan panonpoe, nepi ka poek mongkleng lir ti peuting.
Poe Rebo tanggal 2 September 2009 kamari, deui-deui lini. Ayeuna mah kacida gedena malah, nepi ka keur nangtung ge karasa oyag, gagaleongan. Ketir, sieun, keueung, soal, pagalo jadi hiji. Nu aya dina uteuk ngan ukur ka mana nya lumpat sangkan salamet, bari mikir ayeuna kitu kiamat teh? Tapi alhamdulillah, teu cecel teu bocel. Imah, awak sakujur, salamet. Ngan lomari we tigubra, eusina sabangsaning gelas jeung piring bubuk pisan teu kapuluk.
Di daerah sejen, loba wangunan jeung imah anu ancur. Harta banda meunang tekang-teking welasan taun ancur sapada harita, teu kapuluk pisan. Korban jiwa ngaratus. Inna lillahi wa inna ilaihi roji’un. Pulo Jawa ngungun, sedih kingkin ngarandapan musibah gede saperti kieu.
Mun dianalogikeun kana dongeng endog lini, saestuna nu jadi endogna teh nyaeta hikmah tina ieu kajadian. Endog nu loba ngandung vitamin, gede mangpaatna pikeun awak urang. Kitu deui hikmah tina kajadian lini kamari. Jigana bae eta teh panyepret ti Gusti Nu Maha Suci pikeun urang sarerea sangkan eling tur napakuran diri. Naon rupa anu karandapan ku urang, boh nu matak sedih, pon kitu deui nu matak senang, tangtu aya mangpaatna pikeun diri urang. Musibah kamari anggap bae endog lini anu loba vitaminna, najan karasana rada hanyir, tapi matak sehat kana awak.

Dar… Der… Dorr..!!!

Identitas anggota teroris nu tiwas di Temanggung, Jawa Tengah nepi ka kiwari masih poek. Loba pihak  ngaragukeun layon kasebut milik buronan nomer wahid asal Malaysia, Noordin M Top. Dumasar panalitian, tilu layon teroris nu tiwas di dua lokasi panggerebegan. Temanggung jeung Bekasi, masih aya di rohangan pamulasaraan layon RS Polri Sukanto, Kramat Jati, Jakarta Timur.

Dumasar kana poto, loba pihak nu ngaragukeun, yen lalaki eta Noordin M Top. Alesannana lalaki eta boga rupa lonjong  jeung tulang rahang nu tegas. Padahal, rupa Noordin M top buleud. Lamun kitu saha ..?  teuii…ng atuh..! 

Balarea apal meuruen waktu dina tipi, disiarkeun langsung acara baku tembak (ceuk babasaan reporter tipi), tepikeun ka 17 jam teuing 18 jam, kuring laljo baku tembak teh kurang leuwih 2 jam, kulantaran tunduh terus we kasarean tepi ka subuh bari jeung tipi mah hurung we ngalalajoan nu keur sare, ari hudang masih keneh baku tembak. ari ceuk rarasaan kuring mah lamun baku tembak mah kuduna ge antara musuh jeung lawan teh loba, da ari lawan na ngan saurang mah meureun lain baku tembak, musuh ditembakan.

Kacida nya, eta nu namina densus 88 mani sumanget katingalina ngabekaskeun pelor, nembakan bumi dugi ka rajet kitu. Duka seep sabaraha rebu tah pelor di jedor-jedorkeun kana sasaran, sareng deui aya robot sagala (ari sugan teh robotna sapertos robocop) nu kawas dina pilem tea.  Tapi eta ge sarua kawas na pilem holywood dar-der-dor na mah. Kuring ge reueus ningali ka anggota densus 88, nu tos berhasil manggihan teroris nu salila ieu diteangan. Malahan Presiden ge ngucapkeun hatur nuhun ka Polri hususna densus 88 dina upaya maluruh sakadang teroris.

Bener heuntuna eta Noordin M top nu tiwas, urang tunggu we… hasil identipikasi nu wenang. Lamun enya eta Noordin M top tiwas, mudah-mudahan jaringan teroris di nagari urang ulah aya deui. Tapi lamun nyatana lain Noordin M top, saha atuh nu tiwas di Temanggung Jawa Tengah. Kamana atuh Noordin M top teh,?  Kiwari manehna lamun can tiwas jigana keur nyeungseurikeun meureun nya..! Kamanaa… atuh NOOrdin…Noordiii…n, moal kitu si noordin teh dagang bajigur..? 

        

Usum Ngabustam

Posted: 25 Jun 2009 01:28 AM PDT

Ngabustam teh ngawadul. Biasana loba bohongna tibatan benerna. Tujuanana bisa rupa-rupa, ngan utamana mah ngarah piandel, hayang dipercaya. Ku naon pangna kitu? Sabab nu ngabustam hayang nutupan kahengkeran dirina, susuganan ku cara kitu ku batur jadi dianggap hebat, dianggap bisa, dianggap mampuh. Padahal da ari kamampuh atawa kabisa jelema mah da nonggerak. Najan ditutupan oge pasti kaciri ku batur, sabab pangabisa mah katenjona dina karya nyata. Mun aya jelema ngaku-ngaku sakti teu teurak dikadek, tong waka percaya. Mending cobaan we kadek, pan pasti katempo teurak henteuna 🙂 Komo jelma nu ngaku-ngaku kasep atawa geulis mah, hese ngabohongna, da eta mah langsung aya buktina.

Kamampuh jelema teu bisa diukur tina omonganana wungkul, tapi kudu katempo buktina. Beuki mindeng jelema nabeuh karep, urang kudu beuki curiga kana naon anu diomongkeunana. Sabab biasana jelema nu loba pangaweruhna mah tara rea omong, tara hayoh wae ngagul-ngagul karep. Cindekna tara goong nabeuh maneh. Tah nu loba omong bari euweuh kanyaho, kurang kamampuh, nya ngabustam tea disebutna. Mun rajin nengetan pintonan dina tipi, ayeuna-ayeuna ieu loba pisan goong nabeuh karep. Para calon presiden jeung calon wakil presiden paciweuh paloba-loba omong, nepi ka silih cempadna pisan. Rupa-rupa pamolahna. Aya nu agul ku turunan. Aya nu ngagul-ngagul hasil gawe manehna salila jadi pejabat, sok padahal eta mah memang geus jadi tugasna, da pararuguh buruhna. Pan pejabat teh digajih lain? Aya oge nu ngagogoreng batur, jiga manehna tara salah atawa tara pikasebeleun. Kalakuan nu ditataan tadi kabeh oge tujuanana mah sarua: hayang meunang simpati, hayang dipikaresep. Mun geus dipikaresep, pan pamustunganana mah hayang dipilih.

Ngan jigana bae, maranehna teh poho yen ra’yat teh lain budak olol leho nu gampang dibobodo. Cara-cara nu dipilampah kiwari, upamana ku cara ngabustam tea, geus hese payu. Sarerea ge geus pada ngarti, lamun enya nyaah tur deudeuh ka ra’yat, nu penting mah gawe nu bener, teu kudu loba ngomong teu puguh. Jeung pamingpin mah kudu pinter deuih. Tangtuna oge eta kapinteran teh ulah dipake minteran batur, dipake nyalikong, tapi estu dipake pikeun ngokolakeun nagara sangkan ra’yatna raharja. Pamustunganan, urang kudu ati-ati dina milih pipamingpineun. Ulah kagelo ku jangji, mun kieu rek kieu, komo bari jangjina teu realistis mah. Nu kitu mah ngabustam tea ngaranna. Sanes kitu? Kateuing ah, lieur!

Kintunan ti :http://sundablog-blogspot.com

 

 

11 Balesan

  1. What’s up Dear, are you genuinely visiting this site daily,
    if so after that you will definitely get fastidious know-how.

  2. Hello There. I found your blog using msn. This is an extremely well written article.
    I will make sure to bookmark it and return to read more of your useful info.
    Thanks for the post. I will certainly comeback.

  3. istilah endog lini mah biasana keur ngaheureuyan budak anu sirahna gundul …….. tah endog lini … bari diteke

  4. Sampurasun…ngiring calik baraya

  5. Sae pisan blogna, ngiring ngarojong

  6. kuring mah kabongroy ku kamotekaran kidulur yeuh dina tulas tulis na rapekan.

  7. kang , punten bilih sanes dina tempatna sim kuring nyarios .
    gaduh blog engal keneh mung teu tiasa kumaha carana ngalebetan serat kana blog .
    bingung teu janten wae . manawi tiasa nungtun sim kuring carana kumaha ?
    kintun kana email sim kuring ‘ dindin.rasyidin@gmail.com
    hatur nuhun pisan sateuacna ge . oh hilaf nami blog sim kuring ieu kang
    DINDINRASYIDIN.WODPRESS.COM

  8. Aya ngadu bako, tapi kunaon teu aya ngadu SISIG, enya…sisig nini tea geuning…

Tunda talatah