• 88.942 Antrian
  • yogi

  • Katagori

  • Arsip

  • Tulisan Pinunjul

  • Random Ayat

  • Jadual Adzan

  • Google PageRank Checker Powered by  MyPagerank.Net SEO Stats powered by MyPagerank.Net
  • free counters

  • Tepak Pa Macan

  • Métakeun

Potongan Harga


Diurang mah loba kacaritakeun sok loba kadaharan nu kadaluwarsa tapi masih keneh dijarualan, boh ditoko leutik boh di toko gede. Padahal geus dijentrekeun dina bungkusna yen si kadaharan teh ulah didahar sanggeus tanggal sakitu, bulan sakitu jeung taun sakitu. Bisi matak! Ceuk paribasa bisi paeh!. Heueuh atuda bisi bae karacunan, nyeri beuteung, utah2-an, lieur, murel jeung sebel.   

Tapina teu kitu ari di nagara batur mah, titimangsa kadaluwarsana hiji barang kacida diperhatikeunana, sabab nya eta hukumanana kacida beuratna kasing saha bae nu ngalanggar. Ari di urang mah sok keuna ku rasa lebar, mubazir cenah, mending di dahar tibatan dipiceun lantaran acan lila-lila teuing kaliwatna, karek oge kaliwat sabulan. Tah nu kitu asup kana paribasa ngeunah di ehe teu ngeunah di eon. Nu ngajual untung nu meuli mencret.

Ayeuna urang tingali kumaha urang Jepang ngokolakeun barang2 nu make label kadaluwarsa. Di Jepang : misalkeun ( 1 Yen = 80 Rp ). Roti Tawar nu eusina 6 lapis hargana 168 yen, lamun kadaluwarsana isuk hargana turun jadi 138 yen. Sashimi (daging lauk atah, siap pikeun didahar) rata-rata dipotong hargana 40 – 50% lamun kadaluwarsa isuk atawa pageto.

Tah eta conto-conto hahargaan di Jepang nu di discount atawa dipotong alatan waktu kadaluwarsana  geus santek. Gede leutikna potongan harga loba gumantungna kana kawijaksanaan masing-masing toko swalayan. Pikeun urang Indonesia mah ieu teh hiji kasempetan pikeun meunang barang nu hargana murah, komo pikeun mahasiswa urang mah nu keur tolabul ilmu di ditu, kasempetan ieu tara diliwatkeun.

Sugan bae di urang oge kitu, engke lamun masarakatna geus sadar pentingna kasehatan jeung geus bisa ngabela hakna sabagey masarakat anu merdeka. Boa-boa masarakat nu di kampung mah nu camping gunung jeung pasir nu arang langka nyaba  ka dayeuh can nyarahoeun naon anu disebut kadaluwarsa  teh. Nya meureun maranehna nu sok kajeblos meuli barang nu geus kadaluwarsa. Tapi ketang tong boro-boro urang gunung urang kota oge masih seueur nu sok kabelejog.

Daniarti KP