Tarucing Tamba Ngalamun
Cing pék kantétkeun kecap-kecap di handap sangkan jadi kecap anu ilahar. Sakabéh kecap ku urang saréréa geus biasa kadéngé.
- Kembang……………… Semplak
- Bilatung……………….. Bulan
- Indung………………… Tinandé
- Caang………………….. Buruan
- Sepi…………………… Carulang
- Dulang………………. Beurang
- Héjo…………………… Jentul
- Sagagang……………. Gedang
- Beuleum ————> Sampeu (conto).
- Carangcang…………. Lumpat
- Barangbang………… Batu
- Kumis………………… Jempling
- Ceuleukeuteuk……. Aléwoh
- Berebet………………. Baplang
- Bodas…………………. Seuri
- Huleng……………….. Bonténg
- Bodo…………………. Sagagang
- Malapah…………….. Nyacas
- Jambu………………. Dulang
- Reuceuh……………. Tihang
Istilah ngaran anak sasatoan:
- Anak Anjing…………… Ceme
- Anak Bagong………….. Pedet
- Anak Bandeng………… Cingok
- Anak Banteng…………. Kuar
- Anak Bangbung………. Nanar
- Anak Bangkong………. Ciak/Pitik
- Anak Belut…………….. Leungli
- Anak Bogo…………….. Hileud
- Anak Boncel………….. Aom
- Buhaya…………………. Begog
- Anak Deleg……………. Bilatung
- Anak Embe…………….. Eneng
- Anak Gajah…………….. Kebul/Burayak
- Anak Hayam…………… Buruy
- Anak Japati……………..> Piyik (Conto)
- Anak Kancra……………. Begu
- Anak Keuyeup…………. Kirik/Kicik
- Anak Kuda………………. Kuuk
- Anak Kukupu…………… Bangkanang
- Kutu………………………. Bayong
- Anak Lancah……………. Utek-utek
- Anak Lauk……………….. Juag/Aum
- Anak Lele………………… Badal
- Anak Lubang……………. Kuntit
- Anak Maung…………….. Boncel
- Anak Monyet…………… Bocokok
- Anak Munding………….. Menel
- Anak Reungit……………. Bonceret
- Anak Sapi…………………. Belo
- Anak Ucing……………….. Nanahaon
Tatarucingan
Bilih para wargi gaduh tarucing, di antos..!
1. Cing..naon, basa sunda na “Monyet Besar…?”
2. Sato naon anu sukuna lima..?
3. Raos mana beas import sareng beas lokal ?
4. Naon cing hartina Sambil menyelam minum air ?








Sampurasun, hoyong ngiringan ah…. nyanggakeun salam pangwanoh wae ka sadayana
Kembang-dulang , bilatung-buruan , indung-beurang , caang-bulan, sepi-jempling , dulang-tinande, hejo-carulang, sagagang-kembang, carangcang-tihang, barangbang-semplak, kumis-baplang, ceuleukeuteuk-seuri, berebet-lumpat, bodas-nyacas, huleng-jentul, bodo-alewoh, malapah-gedang, jambu-batu, reuceuh-bonteng > kitu manawi??
sareng bade tumaros kang, upami carana ngetik hurup ‘e’ nganggo curek sapertos kanggo kecap “hejo”, kumaha nya kang? maklum gaptek pribados mah, hatur nuhun pisan kang..
Hatur nuhun, nu gampil ngadamel huruf utamina e ngagngo curek diluhur (ē) buka word (ms word) insert symbol upami tos kapendak kopi paste.
salam baktos.
wah2 nuhun pisan kang tos dicobi, muhun nya naha teu kaèmut kamari2 mah.. hèhèhèhèhèhèhè….. (awas2 tah aya e curek nuju baris)
aya nu lepat, kedahna bilatung-dulang, kembang-sagagang
abdi gaduh tarucing . aki – aki ragrag surak . naon cing ?
eta mah barangbang kalapa nu garing ragrag….horee…!
budak leutik
bapa sia
monyet reuneuh kang
kos akang,,,,
KING KONG
Hatur nuhun kasep..! tos kasep teh pinter deui..sok atuh bilih gadung tarucing di antos nya…?
monyet bengkak
Hatur nuhun parantos mairan, maksadna monyet bareuh meureun nya…! ih…sanes cep agil, sok taroskeun ka rama anatapi ka ibu..cep agil.