Aya bapa DPR nu kasohor kana korupsina, dina hiji mangsa nanya ka ustadz.
Bapa DPR: “pa ustadz,,, abdi bade tumaros ka ustadz… menurut ustadz, abdi sareng Gubernur hebat mana?”
Ustadz: “nya…hebat bapa atuh, pan Gubernur tara wani marentah2 anggota DPR.” bapak DPR mesem…
Bapa DPR: “upami sareng Menteri…! hebat mana..?”
Ustadz: “masih hebat Bapa,,, Menteri oge tara wani marentah anggota DPR” bapak DPR seuri…
Bapak DPR: “taaa…h, lamun jeung Ketua KPK hebat mana?
Ustadz: “tetep hebat bapa DPR,,, ketua KPK oge teu wani mariksa bapa, komo deui newak bapa”
Bapak DPR: “ieu pertanyaan, kedah di jawab jujur nya…pa ustadz…” lamun jeung Persiden..?
Ustadz: “masih hebatan bapak,,, bisa jadi presiden teh pan sora rahayat sarta kaputusan bapa2 di DPR”
bapa DPR ayeuna mah teu mesem deui malah seuri ngarasa puasss…!
Bapak DPR: “ieu patarosan terakhir…. upami abdi sareng Nabi hebat mana?”
Ustadz rada lila mikir heula….terus ngajawab…
Ustad: “eeehmm,,, hebatan bapa DPR… lamun Nabi masih sieun ku Gusti Alloh, ari bapak DPR mah pan tos teu sieun ku Gusti Alloh….”
Filed under: Ceuleukeuteuk...








hahaha…kena kana mamarasna eta mah
Nu korupsi mah tong boro sieun ku pangeran, inget ge pamohalan matak kitu oge, nya…lur..!!!
Laa…h, anggota dewan terhormat tea atuh, apal meureun….
geningan kitu nya Kang….